Pages

Jumat, 14 Januari 2011

Makalah Bhs. Sunda



DONGENG, ASAL USUL NGARAN TEMPAT, PIDATO

JEUNG PUPUJIAN SUNDA



Tingkat     : 2B

PUPUJIAN SUNDA


1.             Kautamaan Solat Berjamaah

Eling-eling umat muslimin muslimat

Hayu urang solat berjamaah ……………

Estu kawajiban urang ker di dunia

Kanggo pibekelen jaga di akherat

Anu ngalanggengken solat berjamaah

Eta aya lima rupa kauntungannana

Hiji dilengitkeun kapakirannana

Dua dilengitkeun siksaan kuburna

Tilu dibere buku tikatuhuna

Opat bakal ngaliwatanna cukangna

Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna

Lima teu dihisab asup ka surgana.


2.             Babawaan Kajero Kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul

Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah

Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat

Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh

Allah huma soli ala sayidina Muhammad

Yarobi soli alaihi wasalim.


3.             Ciri nu Ngabakti Kayangwidi

Sorban sanes ciri haji sanes ciri pa kiai

Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yangwidi

Jilbab sanes ciri santri sanes ciri bias ngaji

Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti kayang widi

Allah huma soli ala sayidina Muhammad

Yarobi soli alaihi wasalim.

Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan

Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageng pisan

Saenyana eta malaikat ngabeberkeun dua jangjangna

Maka eta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.


4.             Tobat ka Gusti

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa

Walaa akwaa alannaril jahiimii

Duh pangeran abdi sanes ahli surga

Namung teu kiat kanaraka teu ka duga

Lain tobat abdi the hampura dosa

Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.


5.             Sarat Wajib Saum

Ari sarat wajib saum

Sing apal heh sepuh anom

Aya lima hiji islam

Dua mukalap multalajam

Katiluna kudu kuat

Opat cageur teu madorot

Lima cicing teu angkat

Lalakon dua marhalat.


6.             Muji Jeung Solawat ka Nabi

Nabi urang sarerea

Kayang Nabi anu mulya

Muhammad jenengannana

Arab kures nya bangsana

Ramana Sayid Abdullol

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeub di Mekah

Wengi senen tauh gajah

Medal Nabi akhir jaman

Pisan-pisan ka anehan

Sesembahan bangsa setan

Kabeh pada raruksakan

Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambahna

Sareng sahiji punjulna.


7.             He Djat Anu Kuat

He djat anu lewih kuat

Nu gagah nu perkasa

Mugia gusti ngajaga

Ti jalma anu dolim dosa

He Allah anu Maha Mulia

Ka anjeun abdi sadaya

Ibadah sakuat daya

Sareng nyuhunkeun pang raksa

He Allah anu ngamankeun

Ka abdi tina kasieun

Mugi gusti nyalametkeun

Ka abdi tinu kasiksa

Gusti Allah anu Maha Suci

Abdi seja pasrah diri

Mugi anjeun kersa nampi

Amal jeung ibadah abdi


8.             Gusti Ngahampura Dosa

Yaro bibil mustopa

Balig makol sidana

Wagpirlana mamado

Yawa siar karomi

Gusti muga kanjeng Nabi

Maksud abdi dugikeun

Dosa abdi hampura

Sipat nu berehan pisan.


9.             Anak Adam

Anak adam di dunia mayeuna ngumbara

Hirup anjeun di dunia the moal lila

Anak adam umur anjeun teh ngurangan

Saban poe saban peuting di centangan

Anak adam paeh anjeun te nyarengan

Ku anak salaki jeung babandaan

Anak adam paeh eweuh nu dibawa

Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa

Anak adam pasaran teu lolongseran

Saban poe saban peting gegeroan

Anak adam ayena kaluar ti imah

Di garotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ema abdi keeng

Rup kapandang rupkutaneh abdi sien

Anak adam di kubur the poek pisan

Nu nyaangan di jero kubur the maca quran.


10.         Ka Utamaan Solat Berjamaah

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat

Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit

Supaya menang darajat berjamaah

Berjamaah anu tujuh likur tea

Arapalkeun ku sadaya umat islam

Arapalkeun ku sadayana umat islam

Ari solat gagancangan

Geus solat tara wiridan

Tara sunat-sunat acan

Nu kitu ajaran setan.




DONGENG SUNDA


1.             Hayam Kongkorongok Subuh
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.


Rincian Dongeng:
·                Judulna     : Hayam Kongkorongok Subuh
·                Bahasana     : Kasar
·                Palakuna     : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
·                Watek palakuna :
Oray Naga   = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi        = Daek wae di titah sanajan salah, teboga  pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
·                Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
·                Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.


2.             Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!


Rincian Dongeng:
·                Judulna     : Gagak Jadi Hideung
·                Bahasana     : Kasar
·                Palakuna     : Gagak jeung
·                Oray SancaWatek palakuna :
Gagak      = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
·                Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
·                Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.


3.             Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana.

Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina.
Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda.
Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.


Rincian Dongeng:
·                Judulna     : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
·                Bahasana     : Lemes
·                Palakuna       : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden
·                Topobrana
·                Watek palakuna :
Prabu Rakata            = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana        = Sarakah
Raden Topobrana     = Embung ditindes
·                Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
·                Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.


4.             Cai Laut Asin
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.

Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.


Rincian Dongeng:
·                Judulna     : Cai Laut Asin
·                Bahasana     : Kasar
·                Palakuna       : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
·                Watek palakuna :
Ki Jana    = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani    = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
·                Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
·                Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.


5.             Kuya Ngagandong Imahna
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.

Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.


Rincian Dongeng:
·                Judulna     : Kuya Ngagandong Imahna
·                Bahasana     : Kasar
·                Palakuna       : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
·                Watek palakuna :
Sakadang Kuya    = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet    = Daek babantu jeung mere saran
·                Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
·                Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.




ASAL USUL NGARAN TEMPAT


1.             Siluman
Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.


2.             Cipeucang
Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina  ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.


PIDATO/CERAMAH

(Amal-amal anu bakal nulungan urang di jero kubur)
Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim. Bismilah hirohman nirohim. Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna. Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
Teu hilap nu di pikahormat bapa…………….,
Nu di pikahormat bapa………………,
Nu di pikahormat bapa……………..


Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur. Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana. Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala. Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.
Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.


Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 

Sample text

Sample Text

Sample Text